Ngaruwat

Jurnal Bogor, 16 Maret 2010

Ahad mangkukna di sisi Ciliwung beulah Kulon, asa tara ti sasari, ramé ku tatabeuhan, jeung barudak anu milu kagiatan rupa-rupa pasanggiri. Saméméhna masarakat kalayan dikokojoan ku Komunitas Peduli Ciliwung mulungan runtah di wahangan Ciliwung. Numutkeun katerangan panitia, sakurangan 60 karung bisa dikumpulkeun ti Cilwung.

Aya reueus jeung éra parada basa milu ngariung dina acara milangkala ka hiji Komunitas Peduli Lingkungan (KPC) anu disungsuman ku acara “ngaruwat” Ciliwung. Reueusna pédah aya (loba?) kénéh anu boga rasa kamaliréan ka Ciliwung, érana mah (lain rék ngawiji-wiji jeung ngasaha-saha) pédah anu ngulemna téh, boh panitia atawa nu boga pokalna, ngaranna maké hurup “O”, kayaning Sutrisno, Kuncoro, Hapsoro jrrd. Sanajan dijerona aya ogé urang Sundana. Tapi ieu mah ungkaban rasa kareueus ka aranjeunna anu geus mikanyaah ka Ciliwung anu ceuk Mama Arief mah, mangrupa urat kahirupan Kota Bogor.


Teu salah lamun Kang Cécép Thoriq (kaasup kuring) ngungkabkeun jero haténa ku kecap rasa bungah, nalangsa jeung éra, lah pokona mah pagalo jadi hiji.

“Sakuduna mah anu boga pokal kawas kieu téh kuring atawa urang Bogor pituin, lain mas-mas. Tapi keun wé lah ieu jadi perhatian anu daria, pikeun kuring saparakanca, sangkan leuwih daria dina ngariksa jeung ngaraksa lingkungan sabudeureun,” pokna daria dina acara paguneman atawa diskusi kumaha nyalametkeun Ciliwung. Kang Cécép saparakanca anu nyungsuman acara ku rasa Sunda diantarana gendang penca sarta dipungkas ku Gola anu mintonkeun kasenian buhun Sunda. Gola nu geus lima taun ngalalana bari jeung teu dibaju (ukur calana komprang dipapaésan ku samping réréng), buukna digelung sarta dikuribeng ku lawon bodas geus lalayu sekar dina bubukana maké “jangjawokan’ Sunda.

Dina acara éta ogé dilaksanakeun “Ngaruwat Ciliwung”, tapi lain dina harti saujratna. Ngaruwat anu dilaksanakeun ku Mama Arief Hidayat ieu geus tangtu béda jeung ngaruwat sabenerna anu baheula remen dilaksanakeun ku para dalang. Malah jigana téh can nepi kana kecap dina harti sabenern, ngaruwat di dieu ukur mere pépéling ka jalma-jalma anu aya di dinya sangkan milu miara kabersihan Ciliwung dina wanda kidung bari dipirig ku kacapi suling, sabab salah sahiji wahangan anu mibanda sajarah tur geus aya ti babaheulana.

Saur salahsawios dalang kasepuhan Bogor, Ki Zakir Ismail ngaruwat téh nguatkeun caritaan atawa ngalaksanakeun jangji anu dicaritakeun.

“Misalna lamun lanceuk jeung adina maot, anu disebutkeun untang-anting, hég manéhna boga jangji lamun nepi dina waktuna disunatan rék diruwat dipangnanggapkeun golék,” saurna. Lian ti éta anu biasa diruwat téh nyaéta anu dina kaayaan Nunggak Pancuran nyéta budak awéwé anu saluhureun jeung sahandapeunana lalaki.

“Tah anu diruwatna téh budak awéwéna,” saurna deui. Ogé anu dina kaayaan Talaga Gantung, nyaéta budak lalaki anu lanceuk jeung adina awéwé. Umumna lalakon anu dipintonkeun dina ngaruwat ukur carita Batara Kala, teu meunang carita nu séjén.

Dina waktuna ngaruwat nyadiakeun parabotan imah (kaasup parabotan dapur) kayaning piring, bantal, kasur, boboko, aseupan jsbna sarta sagala bungbu-bungbuan kayaning tarasi, kembang jambé, jukut jurig kawilang “wajib” disadiakeun ambéh hasilna “sampurna”.

“Ari niatna mah salian ti ngalaksanakeun jangji ogé nguatkeun panuhun ka Nu Maha Agung, sangkan budak anu diruwat téh disalametkeun,” pokna daria.

Lamun sakabéh dalang di Bogor sok ngalalakonkeun Batara Kala mangsa keur ngaruwat, tétéla aya ogé dalang teu makékeun. Dalang kasepuhan anu kawilang pinunjul urang Tionghoa nyaéta jenatna Ki Dalang Toto Abdurahman mah lalakonna téh Kala Baka, dina carita Asép Sunandar Sunarya mah, buta héjo anu sok ngahakanan jalma.

Kabéhdieunakeun di wewengkon urang, budaya ngaruwat téh geus tara dipakékeun deui. Jigana mah saluyu jeung kaayaan jaman, atawa meureun dianggapna kurang praktis. Leungitna ngaruwat saentragan jeung kurang ditanggapna wayang golék dina hajatan.

Naha ieu kitu anu disebut ngindung ka waktu ngabapa ka jaman téh ? Wallahualam bissawab !

Ku: Dadang H. Padmadiredja

Sumber:
http://www.jurnalbogor.com/?p=88610
Previous
Next Post »